JANGAN LIPAKAN SEJARAH, JADIKANLAH ZAMAN DULU SEBAGAI PIJAKAN AGAR KITA KEDEPAN LEBIH BAIK

HARI INI HARUS LEBIH BAIK DARI HARI KEMARIN DAN HARI ESOK HARUS LEBIH BAIK DARI HARI INI

Foto Anak Santri MDA Miftahussibyan Desa Bantarjati Kertajati dengan Latar Masjid Jaman Dulu

PETUAH PETUAH BERBAHASA SUNDA


(Mukodimah)
Bismilah neja dikawitan,nyebat asmana pangeran
Pamugi janten lantaran,seueur lungsur kaberkahan
Alhamdulilah pujian,muji syukur kang pangeran
Pamugi allah nambihan,ni’mat nu langeng nyarengan
Rohmat salam kapanutan,Muhammad rosul pilihan
Mugi abdi syafaat na,lebet umat panjenengan
Sareng ka kulawargi na,sareng ka para sohabat na
Umum sadaya umat na,anu tumut sariat na
Mangka urang sasarengan,ngariung di pangaosan
Sarta ikhlas paniatan,seja toat ka pangeran


(amal anu kudu buru­-buru)
Anjeun ulah pisan,amal bari rurusuhan
Sabab eta lampah setan,anging nu lima amalan
Ngurus mayit ka hijina,asal teu sempit waktuna
Mandi muntel      ,utama nguburkeunana
Nukadua pernikahan,pikeun barudak parawan
Nu geus baroga pasangan,bisi matak kawirangan
Bayar hutang katiluna,mun geus boga keur bayar na
Mun hutang hese bayar na,matakjarauh rijki na
Anu ka opat na taubah,tina dosa jeung maksiat
Sabab lamun sampe telat,bakal rugi di akherat
Kalima nyuguhan semah,bari….
Sabab lamun datang semah,mawa untung jeung barokah



0 Response to "JANGAN LIPAKAN SEJARAH, JADIKANLAH ZAMAN DULU SEBAGAI PIJAKAN AGAR KITA KEDEPAN LEBIH BAIK"