(Bakti Ka Indung Bapa)
Eling-eling kabeh umat,ka Allah anjeun sing toat
Ka indung bapa sing hormat,supaya anjeun salamet
Sabab ku indung jeung bapa,anjeun hirup boga rupa
Panga bisa rupa-rupa,nimat ku anjeun ka tampa
Sing inget ka jasa indung,salapan bulan ngakandung
Di belaan ripuh bingung,kanyaah na taya tung-tung
Bapa nu ripuh ka siksa,usaha sabisa-bisa
Kacape geus teu di rasa,tapi henteu putus asa
Najan pinter najan hebat,kajeun gagah luhur pangkat
Ka indung bapa hianat,pasti bakal meunang laknat
Indung wajib di punjung na,bapa wajib di hormat na
Surga jeung kabeh nikmat na,handapeun dampal
sukuna
(Salah Niat)
Dawuh gusti kanjeng Nabi,jalma nu nyiar pangarti
Tilu galau nganu rugi,naraka tempat na pasti
Hiji niat ka agulan,ilmu pikeun ka sombongan
Keur ngelehkeun anu lian,atawa keur nyingsieunan
Dua butuh pangaleman,hadiah jeung panghargaan
Jeung hayang meunang sebutan,estu taya ka ikhlasan
Tilu keur modal tipuan,ngabobodo jalma lian
Keur ngahontal ka mewahan,kabeungharan ka dunyaan
Ka hade sing ati-ati,dina milari pangarti
Niat na sing ikhlas pasti,ulah siga anu tadi
0 Response to "NADHOMAN BAHASA SUNDA BUAT DI MUSHOLLA KETIKA MENUNGGU JAMAAH UNTUK SHOLAT BERJAMAH SEMOGA BERMAKNA"
Post a Comment