NADHOMAN BAHASA SUNDA TEMA CIRI-CIRI MANUSIA CELAKA DAN SYUKURAN UNTUK DI MUSHOLLA BUAT MENUNGGU ORANG YANG MAU SHOLAT BERJAMA'AH
(Ciri Jalma Cilaka)
Opat perkara ciri na,jalma cilaka hirup na
Dunya jeung di akhirat na,ceuk rosul dina
hadis na
Hiji poho kana dosa,loba salah teu rumasa
Padahal sakabeh dosa,di raksa kunu kawasa
Dua rasa loba amal,di itung nepika apal
Pada hal mah eta amal can tangtu boa mah
batal
Tilu jalma nu sok ngukur,urusan dunya kaluhur
Panas nempo milik batur,ka allah teu bisa
syukur
Ciri anu ka opat na,lamun ngukur agamana
Nempo sahandapeunana,taya sumangat amal na
(Syukuran)
Jangji Allah
dina quran,ka jalma daek syukuran
Allah
tinangtu nambahan,tina rupa kani’matan
Nyakitu dai
ancaman,keur jalma nu teu syukuran
Pasti
meunang pang walesan,siksa anu beurat pisan
Ari nu
ngaran syukuran,tumarima ka pangeran
Tina kabeh kani’matan,nu
loba tanpa itungan
Ari carana
syukuran na,ngagunakeun kani’matan
Dina rido na
pangeran,bari pinuh ka ikhlasan
0 Response to "NADHOMAN BAHASA SUNDA TEMA CIRI-CIRI MANUSIA CELAKA DAN SYUKURAN UNTUK DI MUSHOLLA BUAT MENUNGGU ORANG YANG MAU SHOLAT BERJAMA'AH"
Post a Comment