SANTRI PP. NURUSSYAHID KERTAJATI MAJALENGKA JAWA BARAT

PUPUJIAN ANAK ANAK DIDIK SANTRI PP. NURUSSYAHID BANTARJATI KERTAJATI




(Iman Kana Kitab Al-quran)
Allah nurunkeun al-quran,ka kanjeng nabi panutan
Supaya jadi padoman,keur umat di akhir jaman
Ari ciri jalma iman,kana eta kitab al-quran
Hiji kudu yakin pisan,al-qurqn teh dawuh pangeran
Dua di ajar maca na,bener tjwid jeung makhroj na
Tilu resep ngaderes na,nepika bisa apal na
Opat nangtan hartina,nepika ngarti maksud na
Lima amalkeun eusina ,di turut aturan nana
Ka genep ngajarkeun nana,ka umat islam sakumna
Tujuh tinggal adab na,adab lahir jeung batina


(Sarat Taubat)


Eling-eling kabeh umat,buru-buru anjeun tobat

Samemeh datang sakarat,kalayan ku opat sarat

Hiji ngarasa kaduhung,kana dosa nu kalangkung

Dua teras ngajauhan,dosa jeung kamaksiatan

Rumasa hirup adibung,henteu nyembah ka nu agung

Napsu…ngajak setan,nu mawa ka cilakaan


Tilu tekad dina ati,moal rek milampah dai

Kana dosa-dosa tadi,anu ngarugikeun diri

Opat nuhunkeun hampura,ka Allah nu maha mulya

Jeung jalmi-jalmi sadaya,nu pernah dikaniyaya


0 Response to "SANTRI PP. NURUSSYAHID KERTAJATI MAJALENGKA JAWA BARAT"